Page 16 - MODUL B.SUNDA KELAS VIII SMP NUSANTARA
P. 16

tujuan sangkan budaya Sunda bisa mekar luyu jeung nu dipiharep.
                        Kamekaran budaya Sunda kiwari, ceuk ieu Ketua Panitia KIBS, teu kurup
                        jeung kaayaan pangeusina. “teu nénmbongkeun kaayaan anu
                        pikabungaheun,” pokna. Chaidar nyontokeun, generasi kiwari loba anu
                        api lain kana budaya Suna. “Oplah media massa nu make basa Sunda
                        gé kacida saeutikna. Teu luyu jeung kaayaan pangeusna nu leuwih ti
                        opat puluh juta,” pokna.
                               Kaayaan kitu, ceuk Chaedar perlu dibebenah. “Pangpangna dina
                        lebah ngawariskeunana,” pokna. Da, upama cara ngawariskeunana
                        bener mah moal nepi ka kajadian kawas kiwari.

                               Upaya ngawariskeun budaya loba rambat kamaléna. Budaya
                        mah apan ngancik dina sagala widang. NU perelu dibebenah gé sagala
                        rupana, kaasup widang atikan. “Mangsa ka tukang, sual budaya dina
                        atikan téh kacida héngkérna. Budaya daérah teu boga tempat anu
                        merenah,” pokna.

                               Tinimbanganana mangsa harita, déngdék teuing kana
                        kasaragamana. “Balukarna, budya local teu meunang panalinga
                        sakumaha mistina,” ceuk ieu Dekan Fakultasa Bahasa dan Seni Universitas
                        Pendidikan Indonesia (UPI).

                               Kahéngkér sejénna ceuk Chaedar, nyoko di birokrat. Maksudna
                        loba para pajabat nu yekel kakawasaan dina widang budaya, tapi teu
                        apaleun kana cara ngatur jeung ngurus kabudayaan. Contona cenah nu
                        ngurus seni loba nu teu mantra-mantra kana sual kasenian…. (Ensa)

                        (Dicutat tina majalah Manglé no 1808 Kaca 63)




                        Sabada hidep nengetan rupa-rupa conto warta diluhur, aya nu

                        wangun tinulis, aya nu wangun lisan. Dina warta lisan aya Tangara

                        Pasundan di Bandung TV atawa dina Radio RRI Bandung. Dina
                        wangun tinulis salian ti  Koran Galura jeung majalah Manglé tangtu

                        masih loba conto-conto warta nu sejenna saperti Cupumanik,

                        Giwangkara, Sunda Midang jrrd, tapi jaman kiwari dina abad 21 nu

                        sarwa téhnologi pasti aya parobahan, warta nu baheula mah ngan

                        bisa ditulis dina kertas ayeuna mah geus bisa midang dina dina
                        internet. Geuning ngaranna gé ganti jadi Manglé online atawa

                        mun dina buku jadi e-book. Warta téh sagala hal anu aya




                                                                                                     15
   11   12   13   14   15   16   17   18   19   20   21