Page 136 - Modul 11 IPA ok
P. 136
5. Dina carita pangarang téh miboga kereteg nu hayang ditepikeun ka nu maca.
Éta hal téh biasana sok disebut ....
A. téma
B. alur
C. latar
D. puseur sawangan
E. palaku
6. Salian ti sumebar sacara tinulis, carpon ogé miboga ciri ....
A. anonim
B. unsurna réalis atawa enya-enya bisa kajadian
C. faktual
D. galurna ngarancabang
E. tokohna réa
7. Alur atawa plot téh runtuyan peristiwa-peristiwa anu silih sinambung, nepi ka
ngawangun runtuyan carita anu gembleng. Umumna alur téh dibagi kana tilu
jenis, di antaran nyaéta ....
A. konflik
B. klimaks
C. antiklimak
D. maju
E. alur waktu
8. Carpon jeung dongéng téh béda. Salah sahiji unsur pangbéda antara carpon
jeung dongéng téh nyaéta ....
A. dongéng mah aya pangarangna, ari carpon mah euweuh
B. dongéng mah réalis, ari carpon pamohalan
C. carpon mah réalis, ari dongéng mah pamohalan
D. dongéng mah leuwih panjang batan carpon
E. carpon mah palakuna réa, dongéng mah palakuna saeutik
9. Carpon munggaran anu ditulis dina sastra Sunda téh judulna ....
A. "Dogdog Pangréwong"
B. "Hibat"
C. "Hujan Munggaran"
D. "Néangan"
E. "Dongéng Énténg ti Pasantrén"
Modul Basa Sunda 11 | 131