Page 134 - Modul 11 IPA ok
P. 134

B.  Ngaanalisis Struktur Carita Pondok
                Carita  pondok  téh  kaasup  karangan  lancaran  (naratif).  Ari  karangan  lancaran
            umumna téh boga struktur carita atawa sok disebut ogé unsur intrinsik. Anu kaasup
            unsur intrinsik dina carpon téh, nyaéta téma, alur, palaku, jeung latar.

                    1.  Téma téh sarua jeung inti carita, biasana téma minangka
                       talatah atawa kereteg anu hayang ditepikeun ku pangarang






















                       ka nu maca.
                    2.  Galur  atawa  plot  téh  runtuyan  peristiwa-peristiwa  anu
                       nyambung,  nepi  ka  ngawangun  runtuyan  carita  anu
                       gembleng. Alur téh sok dibagi kana tilu jenis, nyéta alur
                       maju, alur mundur, jeung alur campuran.
                    3.  Palaku atawa tokoh téh nu ngalalakon dina carita, palaku
                       téh biasana patali jeung pasipatan atawa karakterna.
                    4.  Latar  téh  tempat  lumangsungna  peristiwa  dina  carita.
                       Latar téh kabagi kana tilu bagian, nyaéta latar tepat, latar
                       waktu, jeung latar sosial.















                                                                 Modul Basa Sunda 11 | 129
   129   130   131   132   133   134   135   136   137   138   139