Page 129 - Modul 11 IPA ok
P. 129

5.  Nyiapkeun  papakéan  anu  sopan  luyu  jeung  téma  kagiatan,  sarta  alat
                    panuduh waktu  sangkan  acara  bisa  lumangsung  luyu  jeung  jadwal  nu  geus
                    ditangtukeun.
                       Sedengkeun anu kudu dilakonan ku panumbu catur dina lumangsungna
                  kagiatan diskusi, nyaéta:
                  1.   Datang leuwih ti heula ti batan pamilon.
                  2.   Mariksa sagalarupa  hal  nu  ngadukung  lumangsungna  diskusi:  sound
                       system
                       (mikrofon), buku catetan, ngatur hadirin sangkan tartib, jeung sajabana.
                  3.   Ngawanohkeun diri ka narasumber saméméh dimimitian acara, sangkan
                       urang leuwih akrab dina lumangsungna diskusi.
                  4.   Maca heula biodata unggal narasumber kalawan bener.
                  5.   Ngatur  diskusi,  ngatur  nu  nanya,  jeung  bisa  jadi  panengah  upama  aya
                       konflik jeung bébédaan pamadegan atawa pamahaman.
                  6.   Nyindekkeun hasil diskusi.

            B.  Molahkeun Jadi Panumbu Catur
                Sakumaha téks diskusi nu geus dibaca di luhur, dina prak-prakan jadi panumbu
            catur téh strukturna kabagi jadi sababaraha bagian, nyaéta bubuka, ngawilujengkeun ka
            pamilon  jeung  pedaran  singget  kagiatan  diskusi,  ngawanohkeun  narasumber  jeung
            topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, méré kasempetan
            nanya ka pamilon, jeung panutup.
                Sangkan leuwih tétéla, ieu di handap  dijelaskeun pancén atawa tugas panumbu
            catur dina ngatur lumangsungna hiji kagiatan diskusi. Engké pék ku hidep praktékkeun
            jeung babaturan.
                1.  Bubuka.
                    Assalam’ualaikum  wr.  wb.  Sampurasun!  Ti  payun  urang  sanggakeun  puji
                    sareng  sukur  ka  Gusti  Nu  Maha  Suci  anu  tos  masihan  kaséhatan  ka  urang
                    sadaya. Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka
                    sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
                2.  Ngawilujengkeun ka pamilon jeung nepikeun pedaran singget kagiatan diskusi.
                    Wilujeng sumping ka para pamilon ieu diskusi. Ieu diskusi téh dilaksanakeun
                    lantaran ayana rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu beuki dieu téh beuki
                    ruksak, di antarana dilantarankeun ku miceun runtan di mana waé, nu antukna
                    nimbulkeun caah atawa banjir. Tujuan ieu diskusi téh nyaéta kumaha sangkan
                    urang  bisa  ngajaga  lingkungan  sangkan  beresih,  séhat,  jeung  henteu
                    nimbulkeun musibah.
                3.  Ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi.
                    1.  Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina  widang
                       kaséhatan  lingkungan,  badé  medar  matéri  ngeunaan    ‘Ngajaga
                       Kaberesihan  jeung Kaséhatan Lingkungan’. Méré waktu ka narasumber
                       pikeun medar matéri.

                                                                 Modul Basa Sunda 11 | 124
   124   125   126   127   128   129   130   131   132   133   134