Page 126 - Modul 11 IPA ok
P. 126
Latihan Soal
Cakra (X) dina pilihan jawaban A, B, C, D atawa E anu ku hidep dianggap bener!
1. Karya sastra wangun puisi anu diwangun ku cangkang jeung eusi disebut ....
A. sisindiran
B. guguritan
C. wawacan
D. pupuh
E. sajak
2. Sisindiran anu kecap-kecap awal padalisan cangkangna dipaké atawa dibalikan
deui dina padalisan eusi nepi ka siga masang atawa ngarakit disebut ….
A. paparikan
B. rarakitan
C. wawangsalan
D. sésébréd
E. piwuruk
3. Cangkang dina sisindiran aya dina padalisan….
A. kahiji, katilu
B. kahiji, kadua
C. kadua, katilu
D. kadua, kaopat
4. Sisindiran anu diwangun ku dua padalisan sarta ngandung unsur tatarucingan
disebut ….
A. rarakitan
B. paparikan
C. wawangsalan
D. guguritan
E. wawacan
5. Tokyo ibu kotana,
tos tepang teras paanggang.
Eusi wawangsalan di luhur téh nyaéta ….
A. Beijing
B. Cina
C. India
D. Jepang
E. Thailand
6. Tas Juli méméh Séptémber, putus gé teu panasaran.
Modul Basa Sunda 11 | 121