Page 124 - Modul 11 IPA ok
P. 124
SISINDIRAN
SISINDIRA
N
MACA MEDAR CIRI-CIRI
TÉKS SISINDIRAN
SISINDIR
A. Medar Sisindiran
Sisindiran téh asalna tina kecap “sindir”, hartina omongan anu dibalibirkeun,
henteu langsung kana pamaksudan atawa henteu togmol. Jadi, sisindiran téh nyaéta
karya sastra wangun puisi nu diwangun ku cangkang jeung eusi, diwengku ku pada
(bait) jeung padalisan (baris), sarta unggal padalisan umumna 8 engang (suku kata).
Dina sisindiran mah eusi atawa maksud nu rék ditepikeun téh dibungkus ku
cangkang, sangkan omongan téh katarimana henteu matak nyinggung atawa matak
nyeri haté. Ari wangun sisindiran kabagi jadi tilu rupa, nyaéta rarakitan, paparikan,
jeung wawangsalan.
Rarakitan
Rarakitan téh sisindiran nu diwangun ku dua padalisan cangkang jeung dua
padalisan eusi. Ari asal kecapna tina ‘rakit’ atawa ‘sarakit’, anu hartina sapasang.
Pangna disebut rarakitan lantaran aya kecap anu ‘sarakit’ atawa sapasang, maksudna
nyaéta aya kecap anu dibalikan deui dina cangkang jeung eusi, utamana kecap
mimitina.
Geura tingali contona di handap:
Sing getol nginum jajamu, padalisan ka-1
nu guna nguatkeun urat. padalisan ka-2
Sing getol néangan élmu, padalisan ka-3
nu guna dunya ahérat. padalisan ka-4
Modul Basa Sunda 11 | 119