Page 128 - Modul 11 IPA ok
P. 128

PANUMBU CATUR






















            A.  Medar Panumbu Catur
                Panumbu catur atawa sok disebut moderator téh nyaéta nu ngatur lumangsungna
            kagiatan diskusi atawa rapat. Tugasna béda jeung panata acara atawa MC (Master of
            ceremony).  MC  mah  tugasna  mingpin  sakabéh  runtuyan  acara.  Ari  tugas  utama
            panumbu  catur  mah  minangka  panengah  atawa  wasit  dina  kagiatan  diskusi.  Nya
            panumbu catur pisan anu ngatur diskusi ngeunaan hiji masalah.
                Dina lumangsungna kagiatan diskusi, panumbu catur kudu boga sikep nétral atawa
            teu mihak ka salasahiji pihak. Lamun aya konflik dina lumangsungna kagiatan, kudu
            bisa merenahkeun diri jadi panengah.
                Saméméh ngalaksanakeun tugas jadi panumbu catur, aya sawatara hal anu perlu
            dilakonan, di antarana:
                1.  Ngawasa  masalah  anu  luyu  jeung  téma  kagiatan.  Hadéna  mah  urang  geus
                    maca heula makalah atawa matéri unggal narasumber.
                2.  Mikanyaho kaayaan pamilon nu hadir dina kagiatan diskusi. Moderator kudu
                    bisa ngatur pamilon sangkan sumanget dina miluan kagiatan diskusi.
                3.  Mikanyaho riwayat hirup jeung kalungguhan/pagawéan narasumber, sangkan
                    teu salah  nyebut  ngaran  atawa pagawéan  narasumber.  Mikanyaho  runtuyan
                    acara, lilana waktu anu disadiakeun pikeun unggal narasumber, tanya-jawab,
                    istirahat,  jeung bisa ngatur suasana diskusi.
                4.  Nyiapkeun buku catetan pikeun nyatet  poko-poko penting nu ditepikeun ku
                    narasumber jeung pertanyaan anu diajukeun ku hadirin.

                                                                 Modul Basa Sunda 11 | 123
   123   124   125   126   127   128   129   130   131   132   133