Page 133 - Modul 11 IPA ok
P. 133
CARITA PONDOK
A. Medar Carita Pondok
Carita anu dibaca ku hidep di luhur téh disebutna carita pondok (carpon). Disebut
carita pondok téh lantaran wangun caritana anu kaitung pondok sarta mangrupa carita
rékaan (fiksi) dina wangun lancaran (naratif). Umumna mah panjang caritana téh
4-10 kaca. Palakuna henteu réa, galur caritana ogé basajan lantaran jumlah kajadian
caritana henteu réa, jeung museur kana kajadian utama.
Carpon téh karya sastra sampeuran. Disebut sampeuran téh lantaran pangaruh ti
sastra Éropah, pangpangna mah ti bangsa Walanda. Harita mah istilah carpon téh acan
jelas, malah sok disaruakeun jeung dongéng. Tapi, béda jeung dongéng unsurna
pamohalan, taya pangarangna, jeung nyebarna sacara lisan. Ari carpon mah diolah
tina kajadian nyata kawas nu enya-enya kajadian, aya pangarangna, jeung nyebarna
sacara tinulis.
Buku kumpulan carpon anu munggaran dina basa Sunda téh judulna ”Dogdog
Pangréwong” karangan G.S., terbit taun 1930. Ari carpon anu munggaran ditulis mah
béda deui. Ceuk catetan Darpan mah (Sundalana, 2012) carpon anu mimiti ditulis téh
judulna "Hibat" jeung "Santri Gagal" karya Moehamad Moesa.
Sanajan geus ti baheula aya, tapi harita mah kaitung jarang nu nulis carpon téh.
Kakara sanggeus merdéka, nu narulis carpon téh beuki réa, malah réa nu dibukukeun
sagala, di antarana ”Papacangan” (1960) karya Rusman Sutiasumarga; “Hujan
Munggaran” (1960) karya Ayatrohaédi; “Dongéng Énténg ti Pasantrén” (1961) karya
R.A.F; “Néangan” (1962) karya Caraka; jeung réa-réa deui. Nepi ka kiwari nu narulis
carpon téh teu ngurangan, malah nambahan.
Modul Basa Sunda 11 | 128