Page 130 - Modul 11 IPA ok
P. 130

Supaya  ieu  acara  lumangsung  kalawan  kalancaran,  sim  kuring  Asép
                       Soléhudin,  badé  ngamoderatoran  atanapi  jadi  panumbu  catur  dugi  ka
                       réngséna. Ka Bapa Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas
                       matéri salami 10 menit.
                    2.  Méré kasempetan nanya ka pamilon
                       Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa
                       panasaran  kumaha  ngajaga  kaberesihan  lingkungaan,  dipasihan  waktu
                       kanggo ngadugikeun  pertanyaan  ka  narasumber.  Tong  hilap  sebutkeun
                       nami sareng ti mana asal.
                    3.  Panutup
                       Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. muga-muga mangpaat
                       sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten
                       tina  sagala  kalepatan.  Mangga  nyanggakeun  deui  ka  panata  acara.
                       Wassalamualaikum wr.wb.

            Latihan Soal
            Béré tanda cakra (X) kana pilihan A, B, C, D, atawa E pikeun jawaban nu bener!

                1.  Istilah séjén tina panumbu catur téh nyaéta ....
                    A.  panata acara
                    B.  moderator
                    C.  narasumber
                    D.  sekretaris
                    E.  pamilon

                2.  Tugas utama panumbu catur dina diskusi téh minangka ....
                    A.  panglengkep
                    B.  panengah
                    C.  pamilon
                    D.  pananya
                    E.  pamaca

                3.  Dina kagiatan naon panumbu catur ngalaksanakeun tugasna?
                    A.  ulang taun
                    B.  kasenian
                    C.  diskusi
                    D.  pemilu
                    E.  olahraga

                4.  Salasahiji tugas panumbu catur saméméh lumangsungna diskusi nyaéta ....
                    A.  ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
                    B.  teu kudu ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
                    C.  henteu jadi panengah lamun aya konflik
                    D.  teu méré kasempetan ka pamilon pikeun nanya
                    E.  teu kudu ngatur lumangsungna diskusi
                                                                 Modul Basa Sunda 11 | 125
   125   126   127   128   129   130   131   132   133   134   135