Page 125 - Modul 11 IPA ok
P. 125
Tina sisindiran di luhur, katingali aya kecap ‘sing getol’ dina padalisan kahiji, anu
dibalikan deui dina padalisan katilu. Kitu ogé kecap ‘nu guna’ dina padalisan kadua,
dibalikan deui dina padalisan kaopat.
Paparikan
Paparikan téh asal kecapna tina ‘parik’, hartina parek atawa deukeut. Disebut
paparikan téh lantaran sora kecap nu aya dina cangkang padeukeut jeung sora kecap nu
aya dina eusi.
Geura tingali contona di handap:
Kelewih jeung siki sentul, padalisan ka-1
campedak dikaparakeun. padalisan ka-2
Tebah-tebih abdi nyusul, padalisan ka-3
tos pendak disapirakeun. padalisan ka-4
Tina sisindiran di luhur, katingali sora kecap ‘kelewih’ dina padalisan kahiji,
padeukeut jeung sora kecap ‘tebih-tebih’ dina padalisan kadua. Kitu deui sora kecap
‘campedak’ dina padalisan kadua, padeukeut jeung sora kecap ‘tos pendak’ dina
padalisan katilu.
Wawangsalan
Wawangsalan mah diwangun ku dua padalisan, sajajar cangkang, sajajar eusi. Dina
wangun wawangsalan mah dina padalisan cangkang téh ngandung tatarucingan
(tetebakan), ari dina padalisan eusi ngandung ‘wangsal’ nu kudu dijawab. Wangsal téh
kecap nu sorana murwakanti (deukeut) jeung eusi tatarucingan téa.
Geura tingali contona di handap:
Tokyo ibu kotana, kalimah cangkang (tatarucingan)
tos tepang teras paanggang. kalimah eusi, wangsalna Jepang
Tangtu wé urang bisa neguh/nebak yén nagara anu ibu kotana Tokyo téh nyaéta
‘Jepang’. Ngan baé kecap ‘Jepang’ téh teu kapanggih kitu waé, tapi disumputkeun dina
kecap ‘tepang’ nu aya dina kalimah eusi. Kecap ‘tepang’ sorana padeukeut jeung sora
kecap ‘Jepang’.
Eusi Sisindiran
Ditilik tina eusina, sisindiran téh kabagi jadi tilu, nyaéta aya anu eusina piwuruk
(papatah atawa naséhat), silih asih (cinta), jeung sésébréd (lulucon atawa heureuy).
Modul Basa Sunda 11 | 120