Page 259 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 259
259
Kang Muhammad lanceuk abdi.
2. Sultan Mesir deui nyaur,
Kumaha enggeus kapanggih,
Dulur nu ngaran Muhammad,
Dén Ahmad unjukan deui,
Sumuhun teu acan pisan,
Dongkap ka wayah kiwari.
3. Sultan Mesir deui nyaur,
Ceuk (?) pikeun upami,
Kumaha dedeganana,
Kinten sarua jeung kami,
Dulur manéh téh Muhammad,
Lamun sarua jeung kami.
4. Kami baé aku dulur,
Montong ditéangan deui,
Coba taksir ieu akang,
Da akang gé boga adi,
Ari ngarana téh Ahmad,
Leungitna di Gunung Mesir.
5. Asalna waktu ka pungkur,
Papisahna keur ngala cai,
Rupana seug manéh pisan,
Hayu urang silih telik,
Urang silih tingal,
Barang rayi Ahmad ningal.
6. Béh karang dina pangambung,
Rumpuyuk Ahmad jeung nangis,
Tétéla sidik rakana,
Kasamaran rupa sajati,
Raos dina pangimpian,
Dén (?) tulang sandi.