Page 264 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 264

264







                        27. Berang kaganti ku dalu,

                           Jedur meriem sakali,
                           Geus keur rame karasmenan,

                           Ting baliur kembang api,
                           Dibarengan tatabeuhan,

                           Tataji biola lan banir.

                        28. Mariyemna geus nurugtug,
                           Sigegkeun di nagri Mesir,

                           Anu eukeur pada suka,

                           Ganti anu kocap deui,
                           Nyarioskeun sanés raja,

                           Kocap di Sumatra puri.
                        29. Raja keur // meujeuhna ngangluh,

                           Saréhing yén leungit putri,                                    (130)
                           Putrana dipaling buta,

                           Disaémbarakeun teu kenging,

                           Nya éta Ratna Komala,
                           Putra hiji tur geulis.


                        30. Sang Kusumbar ngénging dangu,

                           Di Mesir geus kenging putri,
                           Dipaling ku buta,

                           Tatapi sok kénging deui,

                           Raja Kusumbar timbalan,
                           ka Patih Sumatra puri.

                        31. Héy patih titip kadaton,

                           Ayeuna kakang téh (?),
                           Badé mios eujeung garwa,

                           Saréhing henteu kapanggih,
                           Gunung kabéh geus disaksrak,

                           Weléh Enéng teu kapanggih.
   259   260   261   262   263   264   265   266   267   268   269