Page 265 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 265

265







                        32. Sumeja neda pitulung,

                           Sugan kersaeun Sang Aji,
                           Radén patih unjukan nyembah,

                           Ngiring dunga abdi gusti,
                           Mugi-mugi ka pangeran,

                           Putra sing kapendak deui.

                        33. Gancangna anu dicatur,
                           Sang raja Sumatra puri,

                           Enggeus cengkat sareng garwa,

                           Réhing ponggawa mantri,
                           Henteu kocap dijalanna,

                           Nu manis sumping ka Mesir.











                        XXXXII. Dangdanggula

                        1.   // Barang sumping ka nagri Mesir,
                           Sang kusumbar jeung para raja,

                           Eukeur peta gunem raos,

                           Di pamengkang eukeur berhimpun,
                           Ponggawa rawuh para mentri,

                           Para istri sami ngeunah,

                           Di jero kadaton,
                           Sareng Siti Bagdad,

                           Geura sadérék para mentri para nyai,
                           Sarawuh jeung para emban.

                        2.  Kanjeng Sultan jeung panghulu Mesir,
   260   261   262   263   264   265   266   267   268   269   270