Page 262 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 262

262







                        17. Saéstuna geus jadi perbu,

                           Sultan Mesir suka galih,
                           Para raja para ponggawa,

                           Beuki (?) nu ngaruping,
                           Ku kituna Ratu nyamar,

                           Kayungyun teu seubeuh nguping.

                        18. Sultan Mesir seug ngadawuh,                              (129)
                           Ka sadaya para bupati,

                           Ayeuna nyanggakeun pinton,

                           Wiréh geus tepang jeung rayi,
                           Kang putra rék gaduh garwa,

                           Manawi perang papanggih.
                        19. Pikeun parameswari ratu,

                           Para raja matur tadim,
                           Sukur sujud ka pangeran,

                           Kalah milu suka ati,

                           Ka mana nu rék dimanah,
                           Kalah ngiring sakersa gusti.


                        20  Kang rama tanwande purun,

                           Ngarabantun (?),
                           Nyanggakeun sembah panglamar,

                           Sultan Mesir seug ngalahir,

                           Manawi pareng jeung garwa,
                           Rék badami sareng pun adi.

                        21. Sultan Mesir seug ngadawuh,

                           Ka Raja Ahmad manceti,
                           Rayi éta Endén Bagdad,

                           Mangga geura tikah ku rayi,
                              Ngan éta Ratna Komala,

                           Putri ti Jumanta putri.
   257   258   259   260   261   262   263   264   265   266   267