Page 290 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 290

290







                        25.  Kumpulan para ibu,

                            Geus mios Ratna Kosasih,
                            Enggeus sumping ka kaputren,

                            Sor tuang anggeus sayagi,
                            Geura taruang para ménak,

                            Kitu deui para bupati.

                        26.  Tuang leueut suka kalbu,
                            Beuki suka Sultan Mesir,

                            Sanggeus tepang sareng ibuna,

                            Enya kamelang karisi,
                            Ngan kantun suka manhna,

                            Najan nadar suka galih.
                        27.  Suka tunda para ratu,

                            Anu eukeur suka galih,
                            Sumawon Kangjeng Sultan,

                            Sinigeug di nagri Mesir,

                            Ganti anu kacarita,
                            Nyarioskeun sanes nagri.


                        28.  Kocap aya hiji ratu,

                            Ratu gede sugih mukti,
                            Lega ambahanana para raja,

                            Nyangking saratus nagri,

                            Anu jadi parasena,
                            Patya pan puluh perbupati.

                        29.  Digjaya ngalingga ngupuh weduh,

                            Teuas kulit,
                            Kabawah ku Raja Bergas,

                            Nya éta Raja Habsi,                                               (143)
                            Harita keur magelaran,

                            Nyondong kabéh para bupati.
   285   286   287   288   289   290   291   292   293   294   295