Page 285 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 285

285







                            Nyi randa diteangan,

                            Nu meureup tarekah abdi,
                            Hasil maksud manuk beunang randa beunang.

                        23.  Manuk dongkap dipeuncitan,
                            Serta teu kungsi bedil,

                            Tarékah abdi dilarap,

                            Kari-kari sanggeus kénging,
                            Panadaran henteu bukti,

                            Uang anu dua rébu dipénta gé hésé mayar,

                            Weléh baé teu mangarti,
                            Éta kitu margina marék ka tuan.

                        XXXXV. Kinanti
                        1.  // Ku Kangjeng Sultan kadangu,

                            Piunjuk pandita sidik,
                            Kebat jeung sultan mariksa,

                            Ka Nangkoda Habsi,

                            Héy éta paman Nangkoda,
                            Éta ku Paman kakuping.

                        2.  Piunjuk pandita kitu,
                            Béré (?) maké jangji,

                            Nangkoda nyembah unjukan,
                            Sumuhun parios gusti,

                            Sim abdi tarima pisan,

                            Sapiunjuk pandita tadi.
                        3.  Kangjeng Sultan deui nyaur,

                            Naha tuh paman teu bukti,

                            Ari tarimakeun ngucap,
                            Tuan saya cidra jangji,

                            Nangkoda unjukan keras,
                            Ari saya cidra jangji.

                        4.  Bener kapungkur téh manuk,
   280   281   282   283   284   285   286   287   288   289   290