Page 284 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 284

284







                            Mendak manuk raspati,

                            Alus lima panca warna,
                            Kitu-kitu carék mimpi,

                            Carék manuk panca warni,
                            Saha nu ngadahar halu,

                            Tangtu jadi hulubalang,

                            Saha nu ngadahar deui,
                            Kana awak tangtu jadi raja beunghar.

                        20.  Maraban sasaha raja,

                            Geus tetep carios ngimpi,
                            Ki Nangkoda ka Endén,

                            Minangkana ka sim abdi,
                            Ti dinya manuk ku kitu,

                            Ditujum manuk nu kitu buktina,
                            Nu gaduh anda kosasih,

                            Enya éta buktina nu gaduh asal.

                        21.  Ku Nangkoda diririhna éta,                                        (140)
                            Manuk rék dibedil,

                            Teu dibikeun ku nyi randa,
                            Atuh (?) balik deui,

                            Ieu Nangkoda ka Abdi,
                            Basana téh ménta tulung,

                            Lamunna datang ka beunang,

                            Atuh di randa kosasih,
                            Rék mérésan ka abdi ieu Nangkoda.

                        22.  Uang dua rébu dirham,

                            Kitu akad ka abdi,
                            Saenggalna ti harita,

                            Disanggeman ku sim abdi,
                            Saolah-olah paparti,

                            Ditarékahan ka pungkur,
   279   280   281   282   283   284   285   286   287   288   289