Page 283 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 283

283







                            Marukan lain Ahmad,

                            Nu jadi ratu di Mesir,
                            Kitu deui jeung Sultan kebet carita.

                        16.  Neuteup deui ka ibuna,
                            Liwat langkung matak watir,

                            Matak teu kaduga nanya,

                            Kuru aking ngajangjawing,
                            Réh deui kebat sumbaling,

                            Babuna Sultan kapungkur,

                            Salirana pada ragas,
                            Kawasna tapak panggitik,

                            Saenggalna jeung sultan kebat carita.
                        17.  Ieu tatamu ti mana,

                            Kawas lain urang Mesir,
                            Ti mana nya lembur paman,

                            Kawula anyar pinanggih,

                            Naon piunjuk nu pasti,
                            Kulan-kulan banget maksud,

                            Serta kaula nu sadia,
                            Make istri ieu bibi Ahmad,

                            Nyembah pandita anu unjukan.
                        18.  Sumuhun pariksa tuan,

                            Jisim abdi teu ti Habsi,

                            Jisim abdi teu pandita,
                            Jeung ieu Nangkoda Habsi,

                            Muga (?) ka Gusti,

                            Sumeja neda pitulung,
                            Neda sanjata hukuman,

                            Nyuhungkeun hukum nu adil,
                            Saawitna bermula bareto asal.

                        19.  Datang ieu Ki Nangkoda ngimpi,
   278   279   280   281   282   283   284   285   286   287   288