Page 286 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 286

286







                            Geus kenging ku sim abdi,

                            Malah dipeuncit harita,
                            Keur dibeuleum ku sim abdi,

                            Manuk aya anu bangsat,
                            Nya ieu anak si anjing.

                        5.  Eukeur digagang digubug,

                            Dilebok ku si maling,
                            Ngaran Ahmad Muahammad,

                            Nu mendakna waktu maling,

                            Ieu iblis indungna,
                            Jeung bubuna si nu maling.

                        6.  Jadi nu alon sumuyuk,
                            Téh kitu sababna abdi,

                            Anu matak narah mayar,
                            Raos pikir jisim abdi,

                            Kuma ieu baé indungna,

                            Da bangsatna titah nyingkar.
                        7.  Mangga baé kaula nun,

                            Mayar dua rébu can,
                            Tapi si Ahmad Muhammad,                                    (141)

                            Buktikeun arék dipeuncit,
                            Mesem nguping Kangjeng Sultan,

                            Pandita dipariksa deui.

                        8.  Cing ayeuna anu tangtu,
                            Paman pandita Habsi,

                            Ayeuna perkara téa,

                            Kauntup ku hukum Mesir,
                            Boh bilih kapanasaran,

                            Naon bilih aya deui.
                        9.  Pandita gancang piunjuk,

                               Sumuhun dawuhan gusti,
   281   282   283   284   285   286   287   288   289   290   291