Page 2 - SANGKURIANG KABEURANGAN
P. 2
SANGKURIANG KABEURANGAN
Sumber: Panggelar Basa Sunda (Penerbit Erlangga)
Rébuan taun ka tukang, wewengkon Sunda diheuyeuk ku hiji raja anu kasohor
adil palamarta. Ari panagresepna éta raja téh kana moro sato di leuweung. Sato
sabangsa mencek, bagong, lutung, jeung sarupaning manuk mah saban miang moro ge
nepi ka nyamos.
Dina hii poé,waktu keur aya di jero leuweung, raja teu kiateun hoyong
kahampangan. Ari éta cai kahampanganana katandéan ku batok urut duwegan.
Kabeneran,sajungna raja ninggalkeun tempat urut kahampanganana téa, aya bagong
bikang ngaliwat. Éta bagong anu ngaranna Wayungyang téh bangun halabhab naker,
da barang nempo aya cai nguyumbang dina batok téh langsung diinum.
Anéhna, teu lila ti tas nginum cai dina batok anu taya lian cai kahampangan
raja, Wayungyang langsung reuneuh. Malah teu lila ti harita Wayungyang teh
ngalahirkeun. Anakna jelema, awéwé. Ku saliwatan katénjo, pigeuliseun éta budak
téh. Bubuhan anak raja. Éta orok téh tuluy dirorok ku Wayungyang, tur dibéré
ngaran Dayang Sumbi.
Kacaritakeun geus mangkat rumaja, Dayang Sumbi meredih ka Wayungyang
malar ditepungkeun jeung nu jadi bapa. Teu hararésé, harita kénéh Dayang Sumbi
dianteurkeun ka karaton. Wayungyang bébéja ka raja, yén éta budak awéwé téh
taya lian putrina raja, anu lahir tina cai kahampanganana waktu moro ka leuweung
téa. Raja langsung percaya kana omongan Wayungyang, tur harita kénéh nitah
Dayang Sumbi pikeun cicing di karaton. Ari Wayungyang mah mulang deui ka
leuweung. Sanggeus sababaraha waktu lilana cicing di karaton, Dayang Sumbi
ngarasa sono ka indungna. Tuluy bébéja ka raja, maksudna rék nepungan
Wayungyang di leuweung. Ngan sanepina di leuweung, Dayang Sumbi teu langsung