Page 3 - SANGKURIANG KABEURANGAN
P. 3
patepung jeung indungna téh. Ku lantaran keyeng hayang panggih, Dayang Sumbi
milih cicing di leuweung, nyicingan hiji ranggon. Ceuk pikirna, sugan dina hiji poé
mah bisa diparengkeun tepung. Tamba kesel, sapopoé Dayang Sumbi téh ninun di
ranggonna.
Hiji poé, sabot keur anteng ninun, pluk téh taropongna ragrag. Mangkaning
éta taropongna keur dipikabutuh pisan. Ngan ari rék turun, puguh matak capé turun
unggah ranggon téh. Antukna Dayang Sumbi kedal ucap, sing saha anu bisa
nganteurkeun taropongna ka luhur, mun awéwé rék dijadikeun dulur, mun lalaki rék
dijadikeun salaki.
Karék gé bérés cacarita, kurunyung aya anjing jalu nyampeurkeun ka saung
ranggon tuluy nganteurkeun taropong ka luhur. Atuh kacida reuwasna Dayang Sumbi
téh. Reuwas ku geus kalepasan ucap. Ari rék nyulayaan jangjina, piraku deui.
Antukna Dayang Sumbi kawin jeung éta anjing anu ngaranna Ši Tumang;
Teu burung papanggih kabagjaan Dayang Sumbi jeung Si Tumang téh.
Maranéhna dibéré turunan budak lalaki anu kasép tur gagah, Éta budak dingaranan
Sangkuriang.
Nincak rumaja, Sangkuriang mimiti resep moro. Saban indit ka jero leuweung
anu jauh ti pamatuhanana, Si Tumang tara tinggaleun maturan. Saban indit moro
témpona mulang téh tara nepi ka ngaligincing teu beubeunangan. Kituna mah aya
turunan ti akina apan pinter moro téh.
Ngan dina hiji waktu mah, basa Sangkuriang indit moro, sasatoan téh kawas
anu geus arapaleun mun Sangkuriang keur ngadodoho nyawa maranéhna. Da éta wé
méh sapopoé aya di jero leuweung, teu hiji-hiji acan katempo aya sato anu
ngulampreng. Mangkaning harita téh dipesenan ku Dayang Sumbi, cenah Sangkuriang
kudu meunang haté mencek.