Page 4 - SANGKURIANG KABEURANGAN
P. 4
Sabot keur ngajentul ngarasakeun kabingung, teu sabaraha jauh ti tempatna
Sangkuriang nangtung, témbong aya bagong ngaliwat. Harita kénéh Sangkuriang
nitah Si Tumang pikeun ngudag éta bagong. Ngan batan nyebrut ngudag bagong, Si
Tumang téh kalah tulundan-téléndén kana suku Sangkuriang bari ngépot-ngépotkeun
buntutna. Sangkuriang ambek. Keur mah ti isuk-isuk can beubeunangan, ari ayeuna
waktuna aya sato boroeun, Si Tumang anu dititah ngudag kalah cicing waé. Ari Si
Tumang pangna teu daékkeun ngudag téh lantaran apaleun yén bagong anu ngaliwat
téh mitohana, indungna Dayang Sumbi, Wayungyang téa.
Bakating ku ambek, teu antaparah deui ngan gabres waé Si Tumang téh
ditumbak, nepi ka paéhna. Inget kana paménta indungna anu hayang haté mencek,
teu mikir panjang deui Si Tumang dibelék diala haténa. Ceuk pikir Sangkuriang, haté
Si Tumang gé teu béda ti haté mencek. Sangkuriang nepi ka luas maténi Si Tumang
lantaran teu apaleun mun éta anjing anu satia maturan manéhna saban moro téh taya
lian bapana pituin.
Basa ieu hal kanyahoan ku Dayang Sumbi, yén Sangkuriang luas maténi Si
Tumang, teu katahan deui ambekna Dayang Sumbi. Sirah Sangkuriang ditakol ku
sinduk nepi ka baloboran getih. Sangkuriang pundung, miang ninggalkeun Dayang
Sumbi anu keur ambek.
Ngan sabada Sangkuriang miang, Dayang Sumbi ngarasa hanjakal geus
kalepasan. Tuluy baé Dayang Sumbi mujasmedi ka Hyang Widi sangkan manéhna
dibéré awét ngora, nepi ka bisa tepung deui jeung Sangkuriang.
Sababaraha taun ti harita, hiji poé ka tempat pamatuhan Dayang Sumbi aya
saurang jajaka gagah datang. Kacaritakeun éta lalaki téh langsung katarik ati ku
kageulisan Dayang Sumbi. Dayang Sumbi kitu deui, kataji ku kakasépan éta jajaka.
Batu turun keusik naék, si jajaka purun Dayang Sumbi daék, éta dua nonoman téh
paheut jadi béné-beureuh.