Page 340 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 340

340







                           Kek dicandak ku Ahmad Raja Manjeti,


                           Sartana geus ditambalung,


                           Lajeng dicandak ti medan,


                           Radén Mantri Jaya Sutiya seug muru,


                           Néhing musuh geus kacandak,

                           Dibujeng ku patih Mesir.


                        2.  Raja Kawindani geus kebat,


                           Diiringkeun ku putra Sang Jeng Anggadi,


                           Urang Habsi kagét langkung,


                           Ningal aduwanna bandang,

                           Urang ramé surak liwat langkung ngagul,


                           Jeung tatabeuhan suka ningal,


                           Kénging jurit urang Habsi.


                        3.  Panasaran sadayana,


                           Para Sena ngagidir,


                           Harita barang rék maju,


                           Kabujeng burit mangsana,

                           Urang Mesir terang bandéra keur pupu,


                           Musuh lawan sami bubar,


                           Urang Habsi panasna ati.


                        4.  Kocap deui Raja Ahmad,
   335   336   337   338   339   340   341   342   343   344   345