Page 344 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 344

344







                           Seug amitan ka sakabéh para bupati,


                           Sasadu ka Sultan Agung,


                           Kang Rama amit rék perang,


                           Neda suka bisi kasambut na pupu, //                           (159)


                           // saperkawis panadaran,                                             (160)

                           Kadua perkawis deui.





                        14. Béla pet nulung anak,


                           Sultan Mesir teu ngidinan maju jurit,


                           Datuk Bendara pitunjuk,

                           Kang Rama téh moal beunang,


                           Saurna ku Kang Putra anak maksud,


                           Paéh hirup enggeus ihlas,


                           Hirup nuhun paéh somawi.


                        15. Tina énggal marunjungan,


                           Para Ratu pada rémpan naringali,


                           Parandéné para Ratu,

                           Sami pada sambung du’a,


                           Mugi-mugi nu rék perang sing rahayu,


                           Datuk Bendara geus mangkat,


                           Di ondéng ku Patih Mesir.
   339   340   341   342   343   344   345   346   347   348   349