Page 342 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 342

342







                           Diri mamang hayang tepang liwat saking,


                           Barang eukeur nyaur ka ibu,


                           Na Ahmad Muhammad,


                           Kénging wartos yén rayina hayang tepung,


                           Gok tepang payuneun Sultan,

                           Raja Gondani ngalahir.


                        8.  Seug ngarontok rayi raka,


                           Sang Gondani rayi Kosasih narangis,


                           Nun haturan ambeuk ratu,


                           Nya kitu deui Nyai randa,

                           Samangulna lir Embok haturan tepung,


                           Saur sujud ka Pangeran,


                           Riyung meungpeung di Mesir.


                        9.  Sami kelar duanana,


                           Enggeus kitu sami jengkar raka rayi,


                           Silih taros hal kapungkur,


                           Sigeug nu keur sosonoan,

                           Teu dicatur panjang-panjang hal kapungkur,


                           Cindekna Alhamdulillah,


                           Anak jeung dulur papanggih.


                        10. Gancangkeun anu dicarita,
   337   338   339   340   341   342   343   344   345   346   347