Page 181 - MODUL 12 MIPA
P. 181
Bahasan Tradisi Sunda
1. Mikawanoh Perkara Tradisi Sunda
Gambar 1.1 : Upacara Wuku Taun jeung Imah Adat di Kampung Cikondang
Istilah ”tradisi” hartina adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun-tumurun ti
karuhun anu masih kénéh dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat. Pikeun
ngamumulé tradisis dilaksanakeun ku cara diwariskeun ti kolot ka anakna, tatalépa boh
ku cara lisan, kalakuan, boh tinulis.
Tradisi téh asup kana ulikan folklor. Istilah folklor (basa Inggris: folklore) asalna tina
kecap folk anu hartina “kumpulan” atawa “gundukan” jeung lore anu hartina “tradisi”.
Jadi folklor téh mangrupa sabagian kabudayaan anu diwariskeun kalawan turun-tumurun
ku cara lisan, ku kituna sok disebut tradisi lisan.
Tradisi teu lepas tina istilah adat kabiasaan anu sipatna seremonial atawa upacara anu
patali jeung kapercayaan. Adat kabiasaan ilaharna jadi ciri ti hiji daérah. Kapan aya
paribasa “Ciri sabumi cara sadésa, jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana, lain
tepak séjén igel”, anu hartina tiap daérah boga cara jeung ciri masing-masing anu béda-
béda.
Dina kahirupan masarakat Sunda, adat kabiasaan téh patali jeung upacara daur hirup
(siklus hidup), ti mimiti kakandungan, lahir, rumaja, kawin, nepi ka maot. Ku kituna,
dina akhirupan masarakat Sunda kapanggih aya rupa-rupa upacara adat, saperti: 1) Adat
nu Nyiram; 2) Adat Ngariksa nu Reuneuh (Tingkeban); 3) Adat Ngariksa nu Ngajuru;
4) Adat Mulasara Bali; 5) Adat Sundatan/Nyepityan; 6) Adat Ngawinkeun; 7) Adat
Kapapaténan, jsté.
Modul Basa Sunda 12 | 169