Page 183 - MODUL 12 MIPA
P. 183
3. Panutup, mangrupa bagian artikel anu nyindekkeun atawa nyimpulkeun eusi
artikel.
a) Kacindekan atawa eusi pedaran
b) Saran-saran
Lamun hidep rék nulis karangan pedaran, aya sawatara cara anu dilaksanakeun, di
antarana :
1. Netepkeun pasualan atawa perkara anu rek ditulis;
2. Ngumpulkeun bahan atawa data keur ngarojong eusi karangan pedaran;
3. Mikiran pijuduleun anu matak ngirut ka nu maca;
4. Nyusun raraga atawa rangkay karangan;
5. Mekarkeun rangkay karangan;
6. Nyarungsum karangan anu geus jadi.
Pangjembar Basa
1. Gaya Kapamingpinan Sunda
Ngeunaan tipe jeung gaya kapamingpinan (leadership) Sunda kapanggih dina naskah
kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian. Ieu naskah kuna téh asli titinggal karuhun
Sunda taun 1518 M. Ieu naskah ditulis maké aksara jeung basa Sunda kuno, disundakeun
deui kana basa ayeuna ku Atja jeung Saléh Danasasmita dina taun 1981.
Ceuk éta naskah, kaharmonisan pamaréntah téh nya éta Tritangtu di bumi “Tilu
Panangtu Kahirupan di Bumi; Sang Prabu, Sang Rama, Sang Resi”.
Sang Prabu mangrupa pamingpin roda pamaréntahan (éksékutif), pamingpin formal,
birokrat, pamaréntah, nu nyokot kawijakan, sarta sakabéh unsur trias politica. Salaku
prabu kudu boga palasipah ngagurat batu (boga watek kukuh/teguh), nya éta taat tur
patuh dina ngajalankeun hukum, tanpa ayana rékayasa.
Sang Rama mangrupa golongan masarakat nu dipikolot minagka wawakil rahayat
(législatif), kaasup di jerona pamingpin kulawarga jeung masarakat. Salaku Rama kudu
boga palasipah ngagurat lemah (boga watek nangtukeun nu kudu dipaké titincakan), nya
éta ngawujudkeun kulawarga jeung masarakat anu ayem tengtrem.
Sang Resi mangrupa golongan masarakat anu pancénna ngaberdayakeun hukum
agama, darigama, jeung nagara (yudikatif). Sang Resi dihartikeun jalma nu weruh ku
élmu jembar ku pangabisa. Kudu boga palasipah ngagurat cai (boga watek
nengtremkeun dina kaadilan), nya éta mawa masarakat dina ngahontal kasugemaan lahir
batin.
Jaba ti éta, dina éta naskah téh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi
pamingpin di masarakatjaman harita. Sanajan kitu, éta palanggeran téh tetep gedé
gunana dijadikeun palanggeran dina jaman kiwari. Éta palanggeran teh disebutna
Parigeuing, nnya éta “bisa maréntah bisa miwarang ku caritaan nu pikagenaheun tepi ka
teu matak raheut nu diparéntahna”.
Modul Basa Sunda 12 | 171