Page 188 - MODUL 12 MIPA
P. 188
Carita Wayang
Mikawanoh Carita Wayang
Gambar 2.1 : Wayang Golék “Pandawa Lima”
Carita wayang nya éta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Ari
wayang téh robahan tina kecap bayang atawa bayang-bayang anu hartina “kalangklang”.
Dina pagelaran wayang kulit, nu sok dilalajoanana téh biasana sok kalangkangna nu
katémbong tina kelir (layar) ku ayana cahaya tina balincong téa. Nurutkeun katerangan,
jungkiringna éta kalangkang téh cenah teu bina ti jalma nu sariring dumadina nu sok
ditinggali téh laku lampahna.
Lalakon wayang téh rupa-rupa, gumantung kana warna wayangna. Warnaning
wayang anu kungsi hirup di Indonésia, di antarana waé :
1) Wayang Purwa: purwa téh robahan tina parwa anu hartina mimiti. Biasana
lalakonna dibagi jadi sababaraha parwa, nya éta lalakon Mahabarata jeung
Ramayana sarta tuluy dianggap wayang (kulit) nu mimiti diayakeun di Pulo
Jawa;
Modul Basa Sunda 12 | 176