Page 193 - MODUL 12 MIPA
P. 193

Ari  runtuyan  carita  pantun  téh  biasana  diwangun  ku  galur  miang,  ujian,  jeung
            mulang. Miang nya éta bagéan carita nu ngalalakonkeun yén palaku utamana téh kudu
            ngalalana boh ka leuweung, ka dasar sagara, boh ka hiji nagara. Nalika si palaku keur
            ngalalana, biasana sok aya halangan-harungan ti musuhna. Malah sok nepi ka gelut,
            ngadu jajatén, jeung nepi ka perang. Éta bagéan carita téh disebutna ujian. Sanggeus si
            palaku  lulus  tur bisa  nungkulan  halangan-harungan, biasana  balik  deui  ka nagarana.
            Geus kitu tuluy dikawinkeun ka putri anu geulis jeung dijenengkeun jadi raja. Galur
            carita ieu disebutna mulang.

               Juru pantun atawa nu mantun biasana tapisa pisan dina ngabédakeun bagéan anu
            dicaritakeun, digunemkeun, jeung dihaleuangkeun. Dina bagéan nyaritakeun, biasana
            mah sorana téh datar. Ari dina bagéan paguneman, juru pantun téh ngarobah sora jeung
            lentongna.  Juru pantun  sok niru-niru sora budak, kolot, awéwé, lalaki, ngaluyukeun
            jeung palaku dina carita. Kitu deui dina bagéan ngahaleuangkeun, juru pantun téh sorana
            diusahakeun luyu jeung wanda laguna. Bagéan rumpaka anu kudu dihaleuangkeun dina
            carita pantun disebutna téh papantunan.


             A.  Latihan Soal
                 1.  Paluruh salah sahiji carita pantun, geus kitu ringkeskeun caritana sarta paluruh
                     hal-hal ieu di handap!
                     a)  Sebutkeun judul carita pantunna!
                     b)  Sebutkeun téma atawa jejerna éta carita pantun téh!
                     c)  Sebutkeun palaku utamana sarta kumaha karakterna!
                     d)  Hal naon baé anu bisa ditulad tina eusi éta carita pantun nu diringkes ku
                         hidep téh?
                     e)  Paluruh  5  kecap  anu  dianggap  ku  hidep  hésé  dina  éta  carita  pantun,
                         téangan  naon  hartina  dina  kamus  basa  Sunda,  sarta  larapkeun  dina
                         kalimah anu merenah!


            Tautan Materi Pendamping :

            https://pangajaranbasasundarini.wordpress.com




















                                                                 Modul Basa Sunda 12 | 181
   188   189   190   191   192   193   194   195   196   197   198