Page 189 - MODUL 12 MIPA
P. 189
2) Wayang Gedog: wayang kulit kénéh, nu ngalalakonkeun carita Panji, saperti
lalakon Panjisemirang; wayang gelung (golék gelung), nyaritakeun lalakon
Mahabarata jeung Ramayana; wayang golék iket (wayang cepak) nyaritakeun
lalakon Prabu Damarwulan, Ménakjingga, jsb;
3) Wayang Titi (ptéhi): nyaritakeun lalakon ti nagri Tiongkok;
4) Wayang Bébér: lalakonna digambar dina lawon, tuluy dibébérkeun;
5) Wayang Klitik: siga wayang golék tapi laleutik, ditanggapna tibeurang;
6) Wayang Krucil: siga wayang golék ogé, lalakonna Amirhamjah, Umarmaya, jst.;
7) Wayang Wong: nya éta wayang jelema, lalakonna tina Mahabarata;
8) Wayang Lilingong (di Cianjur disebutna wayang klitik): lalakonna Mupu
Kembang, Jambatan Beusi, jst.;
9) Wayang Suluh: wayang tina kulit, nyaritakeun lalakon ayeuna ngeunaan sajarah
Indonésia jeung pikeun panyuluhan, tokohna jalma kaayeunakeun;
10) Wayang Golék: dijieunna tina kai kawas bonéka, réa sumebar di Jawa Barat.
Lalakonna Mahabarata, Ramayana, jst.
Mahabarata téh nya éta carita lalakon terah Barata. Ari Ramayana nya éta carita
Batara Rama. Umur ieu carita téh leuwih ti 2000 taun. Ujaring carita Mahabarata
dianggit dina wangun sya’ir ku Wiyasa, panjangna 200.000 jajar atawa 100.000 sloka,
pangpangjangna sadunya. Ari sya’ir Ramayana anggitan Walmiki, panjangna 48.000
jajar atawa 24.000 sloka. Boh dina Mahabarata boh dina Ramayana, poko jejerna mah
sarua baé, nya éta peperangan antara nu nyekel kaadilan jeung nu murka.
Dina Mahabarata, anu nyekel kaadilan téh nya éta Pandawa, ari anu murka nya éta
Kurawa. Sedengkeun dina Ramayana, anu nyekel kaadilan téh nya éta Batara Rama, ari
anu murka nya éta Prabu Rahwana atawa Dasamuka. Pihak anu nyekel kaadilan
salawasna diasup ku titisan Batara Wisnu. Dina Mahabarata titisan Batara Kresna, ari
dina Ramayana nya éta Rama. Pikeun pangaweruh hidep, kadé pahili antara “Barata”
jeung “Batara”. Ari kecap “Barata” mah hartina perang, ari “Batara” mah hartina déwa.
Saperlimana tina 200.000 jajar sya’ir Mahabarata nyaritakeun pokona jejer. Ari
sésana mah nyaritakeun lalakon paradéwa, pararaja, parapandita, kajadian alam,
tataniaga, palasipah, kawajiban nu kumelip nurutkeun agama jeung katartiban hirup
kumbuh, atawa carita-carita anu loba picotoeunana.
Carita wayang téh asalna ti India. Asup ka urang mareng jeung asupna agama Hindu.
Terus mekar jeung narékab nepi ka kiwari. Tangtu baé aya nu robah, boh ditambahan
boh dikurangan; caritana, tokoh/palakuna, tempatna, jsb.
Modul Basa Sunda 12 | 177