Page 184 - MODUL 12 MIPA
P. 184
Pikeun bisa ngalaksanakeun Parigeuing, carana kudu ngalaksanakeun heula Dasa
Pasanta (10 Paneungtrem Haté), nya éta :
1) Guna, hartina jelema anu diparéntah téh kudu ngartieun naon gunana tina
nu diparéntahkeun;
2) Ramah, hartina paréntah kudu ditepikeun kalawan wajar, sopan, amis budi;
3) Hook/Hookeun hartina paréntah téh karasana kudu nuduhkeun kabisa tur
kapinteran anu méré paréntah;
4) Pésok, hartina kapikat haténa (reueus);
5) Asih, nya éta maréntah téh kudu oinuh ku rasa nyaah. Udaganana sangkan
nu diparéntah bisa ngalaksanakeun pagawéanana kalayan tanggung jawab;
6) Karunia/Karunya, hartina paréntah karasaeunana saperti rasa kanyaah
(karunya) jeung ogé mangrupa kurnia (kapercayaan) kana kamampuh
dirina;
7) Mukpruk, hartina kudu bisa ngalelemu. Tepi ka ngarasa yén digawé téh lain
kapaksa, tapi geus jadi tugasna;
8) Ngulas, hartina ngajén. Tegesna kudu bisa ngasongkeun koméntar (ulasan)
kana pagawéan bawahan ku cara nu surti tur lantip;
9) Nyecep, hartina bisa niiskeun pikir nu diparéntahna, sangkan genaheun
pikirna. Carana nyecep bisa ku omongan anu sopan boh ku cara barangbéré
ku matéri;
10) Ngala angen, hartina bisa narik simpati bawahan. Carana ku ngantengkeun
silaturahmi nu wajar, sangkan timbul rasa satia (loyal) ka pamingpinna.
2. Watek Hadé
Lian ti Parigeuing jeung Dasa Pasanta, aya og anu disebut Pangimbuhing Iwah,
hartina pituduh watek atawa tatakrama hadé pikeun hirup kumbuh di masarakat sapopoé,
sangkan manusa hirupna téh boga pamor (bertuah). Jumlahna aya 12 sipat atawa watek
anu kudu dipibanda ku urang Sunda. Sangkan leuwih écés, titéna ieu ulasanna di handap!
1) Emét, hartina kudu saeutik-saeutik (saemét-saemét), henteu konsumtif atawa
awuntah.
2) Imeut, hartina taliti, euweuh nu kaliwat (cermat).
3) Rajeun, hartina rajin. Bisa ngamangpaatkeun waktu.
4) Leukeun, hartina getol, junun, suhud (tekun).
5) Pakapradana, hartina sonagar, wanter.
6) Morogol-rogol, hartina boga karep pikeun maju, gedé sumanget, henteu éléhan.
7) Purusa ning sa, hartina mibanda jiwa pahlawan atawa sikep nasionalisme, gedé
rasa tulung tinulungan.
8) Widagda, hartina wijaksana. Pikiran jeung rasana (rasio katut rasana) bakal
saimbang. Mikirna bisa cékas tur adil.
9) Gapitan, hartina nyekel prinsip jeung kayakinan kana dirina.
10) Karawaleya, hartina balabah (dermawan), bageur jeung resep tulung
tinulungan.
11) Cangcingan, hartina boga watek cingceung, tangginas (gesit).
12) Langsitan, hartina boga watek rapékan, parigel, binagkit, binékas. Loba
punjulna batan goréngna.
Modul Basa Sunda 12 | 172