Page 182 - MODUL 12 MIPA
P. 182
Tangtu réa kénéh adat kabiasaan séjénna anu husus, saperti: 1) Sérén Taun di
Cisolok-Sukabumi; 2) Nyangka di Panjalu Ciamis; 3) Ruat Bumi di Banjarsari; 4)
Suroan di Cirebon; 5) Wuku Taun di Cikondang-Pangalengan, jrrd.n
2. Karangan Pedaran
Artikel atawa bahasan, nya éta karya tulis nu mangrupa bahasan hiji pasualan,
ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanna, jeung gunana, nu ilahar dimuat
dina media massa. Dina Basa Indonésia mah karanganpedaran téh sok disebut karangan
bahasan atawa karangan eksposisi.
Ku lantaran ngajéntrékeun atawa medar hiji perkara, aya rupa-rupa téhnik anu dipaké
dina nulis karangan pedaran, di antarana :
a. Téhnik Idéntifikasi, nya éta ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan
jeung medar ciri-cirina éta perkara atawa barang;
b. Téhnik Klasifikasi, nya éta ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan
jeung nyieun papasingan éta perkara atawa barang;
c. Téhnik Définisi, nya éta ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung
méré wangenan kana éta perkara atawa barang;
d. Téhnik Ilustrasi, nya éta ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung
méré gambaran kana éta perkara atawa barang;
e. Téhnik Prosés, nya éta ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung
méré gambaran prosés nyieunna éta barang.
Prinsip
Wangun bahasan atawa artikel ngawengku tilu bagian, nya éta:
1. Bubuka, mangrupa dadaran atawa katerangan ngeunaan eusi artikel.
a) Alesan milih jejer (topik) pedaran
b) Pentingna jejer (topik) pedaran
c) Legana pedaran
d) Watesan jejer pedaran
e) Masalah-masalah anu dipedar
f) Tujuan jeung gunana pedaran
2. Eusi atawa pedaran, mangrupa inti tina naon-naon nu dicaritakeun atawa
dipedar ngeunaan hiji jejer (topik).
a) Wujud jeung wangunna objék
b) Gunana objék
c) Wanda jeung tipena objék
d) Cara-cara nyieunna objék, kitu ogé lamun aya
Modul Basa Sunda 12 | 170