Page 185 - MODUL 12 MIPA
P. 185

3.  Opat Paharaman
               Lian ti éta, aya ogé anu disebut Opat Paharaman, nya éta watek atawa karakter anu
            teu meunang dilaksanakeun jeung dipibanda ku urang Sunda. Éta Opat Paharaman téh
            ébréh ieu di handap.
               1)  Pundungan, hartina teu kaopan. Jalma nu pundungan moal boga sobat. Hirupna
                  moal maju.
               2)  Babarian, hartina gampang kasigeung.
               3)  Humandeuar, hartina luh-lah waé. Tanda héngkér jiwana jeung putus asa. Teu
                  mampuh nyanghareupan masalah.
               4)  Kukulutus, hartina beungeut nyanghareup ati mungkir, hjing sila béngkok sembah.
                  Digawéna  puraga  tamba  kadengda.  Kasatiaanana  kurang,  bisa  ngahianat  ka
                  dunungan  atawa  ka  babaturan.  Dihareupeun  siga  nu  enya,  ditukangeun
                  ngomongkeun.



            Latihan Soal

                 Pék jawab ieu pananya di handap!
                 1)  Adat kabiasaan atawa tali paranti snu  turun tumurun ti karuhun anu masih
                     dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebutna ...
                    A.  Folklor
                    B.  Budaya
                    C.  Tradisi
                    D.  Étika
                    E.  Tatakrama

                 2)  Ieu di handap anu teu kaasup kana upacara daur hirup, nya éta ...
                    A.  Adat nu Nyiram
                    B.  Adat Ngariksa nu Reuneuh
                    C.  Adat Ngariksa nu Ngajuru
                    D.  Adat Mulasara Bali
                    E.  Adat Nyalin

                 3)  Ieu di handap anu teu kaasup kana téhnik nulis karangan pedaran, nya éta ...
                    A.  Pérsuasi
                    B.  Idéntifikasi
                    C.  Ilustrasi
                    D.  Définisi
                    E.  Transportasi







                                                                 Modul Basa Sunda 12 | 173
   180   181   182   183   184   185   186   187   188   189   190