Page 192 - MODUL 12 MIPA
P. 192
Carita Pantun
Mikawanoh Carita Pantun
Gambar 3.1 : Mintonkeun Maca Carita Pantun
Anu disebut pantun dina sastra Sunda béda jeung pantun anu aya dina sastra
Indonésia. Pantun dina sastra Indonésia, dina sastra Sunda mah disebuta sisindiran. Ari
pantun dina sastra Sunda mah nya éta carita rékaan anu ukuranna panjang. Gelarna
sacara lisan tur ngandung hal-hal anu pamohalan kawas dongéng. Carita pantun biasana
ditepikeunana ku juru pantun (nu mantun), dipirig ku kacapi, tur dipagelarkeun salila
sapeuting jeput. Lantaran carita pantun mah sumebarna sacara lisan, ku kituna loba pisan
vérsi caritana, aya nu disebut: pantun Baduy, pantun Bogor, pantun Priangan, jsb.
Dina sastra Sunda, carita pantun téh gelarna saméméh abad ka-14. Buktina dina
naskah Sunda kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian (1518 M), ngeunaan carita
pantun téh geus disabit-sabit. Ku kituna, carita pantun dianggap karya sastra asli (pituin)
uramg Sunda. Carita pantun téh nya éta carita anu turun tumutun sarta sumebarna
tatalépa ku cara lisan.
Nilik kana eusina, carita pantun téh lolobana nyaritakeun lalampahan para sinatria
putra raja nu keur ngalaksanakeun papancén (tugas). Salila ngalaksanakeun tugasna,
biasana nyanghareupan halangan-harungan saperti gelut, adu jajatén, jeung perang.
Sanggeus réngsé ngalaksanakeun papancén, tuluy balik deui ka nagarana, dikawinkeun
ka putri nu geulis, bari dijenegkeun jadi raja. Ari palakuna lolobana téh pangéran atawa
putra Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran. Waktu jeung tempat anu dicaritakeun
lolobana dina mangsa Karajaan Galuh atawa Karajaan Pajajaran, kira-kira abad ka-8
nepi ka abad ka-13.
Modul Basa Sunda 12 | 180