Page 17 - MODUL BAHASA SUNDA KLS XII
P. 17
Modul . . . . . . (Mapel) Kelas . . . KD . . .
Rarangken hareup ting- atawa pating- mibanda fungsi ngawangun kecap
pagawean anu hartina “loba palakuna”. Contona:
a. Tinggorowok/patinggorowok (ting/pating + gorowok)
b. Tinggulitik/patinggulitik (ting/pating + gulitik)
c. Tinggaloler/patinggaloler (ting/pating + goler)
Conto ngalarapkeun rarangken hareup dina kalimah, nyaeta.
a. Mahasiswa anu demo the tinggorowok bari ngacung-ngacungkeun leungeun.
b. Jambu the tinggulitik murak tina tangkal ka luhureun imah
c. Barudak awewe the patinggaloler lamun tos kesel ulin
Kagiatan Mandiri
Pek jawab patalekan di handap ieu kalayan bener!
1. Jentrekeun ngenaan kecap rundayan!
Jawab: . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
2. Jieun kalimah anu ngandung rarangken ba-!
Jawab: . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
3. Jieun kalimah anu ngandung rarangken per-!
Jawab: . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
4. Jieun kalimah anu ngandung rarangken sang/nyang-!
Jawab: . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
5. Jieun kalimah anu ngandung rarangken ting-/pating-!
Jawab: . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
Kagiatan kelompok
Pek pigawe kagiatan di handap ieu kalayan babarengan
1. Jieun kalompok anu eusina lima urang!
2. Pilarian hiji bahasan naon bae, tuluy tuliskeun dina kertas folio kalimah-kalimah
atawa kecap ngandung rarangken hareup kawas nu diluhur!
3. Kumpulkeun hasilna ka guru hidep kalayan dipasihan panilaian!
E. Latihan
A. Pilih jawaban nu pangbenerna!
Wawacan di handap ieu pikeun ngajawab soal nomer 1-5
Virus Corona mangrupakeun sala sahiji virus anu nyerang kana system pernapasan
(ambekan). Virus ieu masih keneh sakulawarga jeung virus SARS jeung MERS anu pernah
ngainfeksi di sababaraha nagara di taun nu kaliwat.
Dugi ka kiwari, virus Corona atawa Covid 19 ieu can kapanggih ubarna. Nurutkeun
hasil panalungtikan, ari virus ieu the asal muasalna tina binang kalong, mimiti sumberna ti
kota Wuhan Cina nu kapanggih kira-kira ti bulan Desember taun 2019 kaliwat.
Ayeuna Virus Corona tos ngainfeksi nepi ka 148 nagara nu aya di dunya, katut nagara
Indonesia. Kurang leuwih tos aya sajuta leuwih jalmi anu jangkit ku sabab virus ieu. WHO
tos ngaluarkeun wawaran yen virus Corona geus jadi wabah atawa pandemic global.
Virus ieu bias maehan jalma jeung tereh pisan sumebarna antara jalma hiji jeung jalma
nu liana di waktu anu singket. Di unggal jalma, panyakit anu dimunculkeun ku ieu virus
beda-beda, ngan ari umumna mah mangrupa gejala batuk, selesma, laleuleus jeung
@2020, SMAN 7 Bekasi