Page 13 - MODUL BAHASA SUNDA KLS XII
P. 13
Modul . . . . . . (Mapel) Kelas . . . KD . . .
Karangan pedaran the ilaharna sok dimuat dina Koran atawa majalah.un geus
dimuat dina Koran atawa majalah karangan pedaran the disebutna artikel. Karangan
pedaran penting kacida keur nyangking informasi. Ku kituna, dina nuliskeunana oge
kudu alus. Kaedah basana kudu bener tur pilihan kecapna kudu marenah. Eusina kudu
ngaleunjeur tur ngentep seureuh. Jadi, dibacana oge babari kaharti. Lamun ditepikeun
atawa dicaritakeun ka batur oge, bakal babari kaharti ku nu ngaregepkeunana.
C. Panggelan Basa
1. Midangkeun Pedaran
Ieu dihandap aya conto pedaran basa Sunda sejenna. Judulna “Saringset Pageuh
Iket” karangan Mochamad Asep Hadian Adipraja. Ieu pedaran the dimuat dina majalah
saurang – saurang ka hareup!
Saringset Pageuh Iket
Iket atawa totopong the kabeungharan budaya tutup
Iket
(
.
sirah pangbuhunna di Sunda. Mun
dijujut tina harti kecapna, iket asalna tina ‘saiket’, nu hartina
sabeungkeutan, sauyunan dina hiji pakumbahan.
Silokana nyere/ harupat mun sagagangah teu bias nyapukeun
nanaon, tapi mun sabeungkeutan jadi sapu nu bisa kuat nyapukeun
rupaning runtah. Kitu oge jalma, mun sosoranganan tangtu bakal
beurat nyanghareupan hiji pasualan. Sirah minagka subjek anu diiketna, sedeng
pasualan nu datang ti luar jeung di jero dirina mangrupa objek nu kudu sayagi
pikeun disanghareupan, sangkan hirup salawasna caricing pageuh kancing,
saringset pageuh iket.
Mimiti resep kana iket memang ti bubudak, tapi ari leuwih kataji pikeun
nalungtik leuwih jero mah karek taun 2005. Kitu oge lading tatanya ka kolot jeung
saha bae nu weruh kana iket, bari terus ngeureuyeuh ngalalar kampong adat. Najan
masih keneh hengker ngeunaan kumaha jero-jerona iket, tina lading tetelepek the
saheulaanan mah bias dicindekkaeun yen iket the ngawengku tilu bagian, nyaeta
bahan,corak/motif jeung wangun iket.
Leuwih alus bahan tur renyek motif batik dina hiji iket, leuwih mahal hargana.
Biasana nu bogana golongan menak, contona motif rereng jeung gambir saketi.
Sabalikna upama iketna polos saperti wulung di Kampung Dukuh jeung bodas di
Baduy Jero atawa ukur aya motif batik sisina wungkul (iket sisian), hargana ge
leuwih murah tur nu makena ge golongan cacah. Sedengkeun tina wangun iket aya
dua bagian, nyaeta iket pasagi jeung juru tilu. Sabenerna mah ari wangun iket mah
pasagi, jadi juru tilu soteh pedah ditilep atawa dikeureut tina wangun asal pasagi.
Tina dua wangun ieu bias kaguar ajen/palsapah hirup. Wangun pasagi
nuduhkeun hirup masagi jeung siloka opat kalmia pancer/opat pancer kalmia diri
urang. Pancer di dieu nuduhkeun opat madhab (kaler, kidul, wetan, kulon) jeung
@2020, SMAN 7 Bekasi
bahan anu jadi dasar kahirupan (cai,angina, seneu, taneuh). Wangun pasagi ge
kapanggih dina motif di tengah batik. Beda jeung samping atawa taplak meja,
wangun motif pasagi ieu mah salaswana teu nuturkeun wangun iketna, tapi