Page 9 - MODUL BAHASA SUNDA KLS XII
P. 9
Modul . . . . . . (Mapel) Kelas . . . KD . . .
Kampung Kuta sacara administrative kaasup ka Desa Pasir angina, Kacamatan
Tambaksari , Kabupaten Ciamis. Lembur teu pati lega, kitu deui jumlah pendudukna.
Kahirupan wargana tina ttanen jeung nyadap kawung. Nu ngatur kahirupan warga, keur
kapentingan pamarentahan diatur ku RT, RW jeung Kepala Dusun, sedengkeun urusan
adat dipupuhuan ku Kuncen jeung Kepala Adat.
Sanajan Kampung Kuta teu pati anggang jeung lembur sejenna nu aya di wewengkon
Desa Pasir Angin, tapi boh wangunan imah atawa tradisi kahirupan masarakatna
nenggang ti nu lian. Nurutkeun Pupuhu adat Kampung Kuta, unggal lengkah urang Kuta
kudu anut kana tatali karuhun, saperti ngadegkeun imah, tanggapan, asup ka leuweung
tutupan jeung ngurebkeun mayit.
Wangun Imah
Dina ngawangun imah teu meunang make bata jeung semen, rahabna kudu ngagunakeun
kai jeung awi. Kitu deui hateup imah kudu make kiray atawa injuk kawung. Oge teu
meunang dipaseuk ku paku nu dijieun tina beusi atawa waja. Ku kituna sangkan bahan
keur piimaheun tetep nyampak, unggal warga mun ngabogaan anak, sapoe sanggeusna eta
orok gubrag ka alam dunya, bapana kudu melak tutuwuhan pangpangna kai jeung kiray.
Mun eta amanat karuhun dirempak bakal ngadangkeun mamala ka pangeusi lembur. Ka
nu basangkal, hukumnana daek teu daek kudu pindah ti eta lembur.
Nu aheng nyaeta waktu ngadegkeun imah, sakumna warga nu aya di eta lembur,
sabilulungan ngilu aub ngawangun, sarta teu kaci meunang buruhan. Ngan tangtu bae nu
boga imah kudu nyayagikeun kadaharan. Nu dibayae the ngan ukur tukang. Naon pangna
teu meunang make semen jeung bata, cenah baheula, karuhunna waktu munggaran
ngbaladah atawa ngadegkeun lembur, kungsi ngadegkeun wangunanmake bahan tina bata
jeung semen. Sangkilang make tanaga ahli, eta wangunan teu ngadeg-ngadeg malah ujug-
ujug dor dar gelap, padahal harita the keur usum halodo. Kitu deui mun ngawangun jalan,
pantrang make bahan tina semen jeung aspal.
Sedengkeun alesan hateup imah teu meunang make kenteng, sabab kenteng mun geus
peupeus teu bisa balik deui jadi taneuh, harita bakal ngotoran eta lembur. Salian ti eta,
arsitektur imah kudu make suhunan panjang, cindekna teu meunang make pola
wangunan leter L atawa leter U, sarta teu meunang nyanghareup ka Beulah wetan.
Tanggapan
Dina hal tatanggapan, boh nyunatan, boh ngawinkeun atawa hajat sejenna, teu meunang
nanggap wayang golek atawa wayang kulit. Nurutkeun Karman, nu jadi sababna patali
jeung kajadian nu tumiba karuhunna. Baheula waktu buyutna nanggap wayang, aya
kajadian nu ngageunjleungkeun, acara hajat ngadadak kiruh, alatan panganten awewe
diiwat ku dalang. Eta kajadian mangrupa wiwirang di kolong catang, nya gede nya gede
nya panjang. Tah ku aya kajadian sarupa kitu, ragrag pacaduan, sakumna urang Kuta teu
meunang nanggap wayang. Kesenian nu sok biasa dijadikeun media upacara hajatan
nyaeta tayuban , reog jeung seni terebang.
Leuweung Tutupan
Umumna kaayaan leuweung nu aya di wewengkon tatar Sunda geus burindil (bulistir-
red), tuwuhana corencang alatan loba dijarah ku leungeun-leungeun jalma nu teu boga
tanggung jawab. Padahal unggal leuweungtutuwuhana corencang alatan loba dijarah ku
leungeun-leungeun jalma nu teu boga tanggung jawab. Padahal unggal leuweung geus
ditangtayungan ku undang-undang. Tapi anehna the mun leuweung dijaga ku pamali sok
walagri, saperti leuweung tutupan atawa leuweung larangan nu aya di Kampung Kuta. Eta
leuweung nu perenahna aya di tapel wates Jawa Barat jeung Jawa Tengah tara
kagunasikan ku leungeun –leungeun manusa. Unggal warga Kuta atawa warga nu aya di
sabudeureun eta leuweung teu wani ngaganggu eta leuweung, cenah sieun kabadi.
@2020, SMAN 7 Bekasi