Page 10 - MODUL BAHASA SUNDA KLS XII
P. 10
Modul . . . . . . (Mapel) Kelas . . . KD . . .
Ti mimiti asup ka eta leuweung tartib pisan, kahiji teu meunang make dadampar
suku ( sapatu, sandal jsb), sabisa-bisa kudu nyeker, sarta samemehna kudu ngumbah
suku heula. Salila aya di jero leuweung teu diwenangkeun ngaheot, nyiduh, kiih sok
komo bubuang kokotor mah, oge teu meunang miceun runtah sambarangan, kakadekan
katut ngadurukan.
Mun ngarempak eta aturan, bakal aya mahluk leuweung nu bakal ngerewed jalma
nu teu tuhu kana pamali tea. Leupas tina aya euweuhna mamala, ku ayana pamali
saperti kitu kaayaan leuweung kajaga kabersihanana, moal aya kajadian leuweung
kahuruan saperti nu kaalaman leuweung di tempat lian jeung salawasna tutuwuhan nu
aya di eta leuweung bakal tetep walagri.
Ngurebkeun Mayit
Mun urang laha-loho ka Kampung Kuta moal manggihan astana atawa kuburan. Ti
baheula mula, urang Kuta tara pirajeuneun ngurebkeun mayit di lemburna. Mun pareng
aya nu kapapatenan katembong kacida riweuhna, sabab kudu ngurebkeun layon ka
tempat nu rada jauh, nyaeta tonggoheun lembur, aya meureun tilu kilo mah. Malah aya
nu dikurebkeun peuntaseun Walungan Cigalontang. Atuh waktu ngagotong pasaran the
kudu ngaraas walungan heula.
Ceuk Karman, lemburna ngan keur jalma hirup, ulah ngubur bugang naon bae,
kaasup mayit, cenah sangkan eta lembur beresih, anggang tina panyakit, pangpangna
aya amanat ti karuhun nu ngaharamkeun aya astana di lemburna. Mun dirempak,cenah
mah sapangeusi kampong bakal katarajang panyakit nu hese piubareunana.
Ngaruwat Lembur
Dina sataun sakali, sabada panen atawa saencanna mitembeyan, warga Kampung Kuta
sok ngayakeun upacara ruwat bumi, eta hajat lembur mangrupa sukuran ka Gusti Nu
Murbeng Alam, nu geus mere kani’matan ku mangrupa hasil tatanen nu mucekil.
Saencanna prung hajat, Kuncen lembur jarah heula ka leuweung tutupan, sarta ngiriman
ka karuhun, sangkan ditarima iman Islamna. Dina prung acara dibuka ku tutunggulan,
ngiriman jeung dipungkas ku pintonan seni tayuban
Dicutat tina karya: Nana Munajat
http://sundane.com/article/content/265
tanggal 18 Mei 2017
.
@2020, SMAN 7 Bekasi