Page 11 - MODUL BAHASA SUNDA KLS XII
P. 11
Modul . . . . . . (Mapel) Kelas . . . KD . . .
KEGIATAN PEMBELAJARAN 1
--------------------------------------------------------------------
A. Tujuan Pembelajaran
Sanggeus kagiatan pangajaran pedaran rengse, dipiharep siswa bias
1. Maca pedaran pikeun maham eusina
2. Nyebutkeun eusi pedaran tradisi Sunda
3. Nyebutkeun adegan pedaran tradisi Sunda
4. Nyebutkeun
B. Uraian Materi
1. Miwanoh Perkara Tradisi Sunda
Istilah “tradisi” (basa Inggris: tradition; basa Laten: traditio’diteruskeun’) anu
hartina adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumuruan ti karuhun anu masih
dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat. Tradisi ilaharna geus jadi kabiasaan
masarakat ti baheula tur geus jadi bagian tina kahirupan kelompokna. Pikeun
ngamumule tradisi dilaksanakeun ku cara diwariskeun ti kolot ka anakna, tatalepa boh
ku cara lisan, kalakuan, boh ku cara tinulis.
Tradisi the kaasup kana ulikan folklore. Istilah folklore (basa Inggris:f, folklore the
olklore) asalna tina kecap folk anu hartina ‘kumpulan’atawa ‘gundukan’ jeung lore anu
hartina ‘tradisi’. Jadi,folklor the mangrupa sabagian kabudayaan anu diwariskeun
kalawan turun-tumurun ku cara lisan, ku kituna sok disebut tradisi lisan.
Geus ditetyelakeun yen tradisi the adat kabiasaan atawa tali paranti. Adat (basa
Arab; adath) ngandung harti tabeat atawa sipat bawaan. Aya paribasa “Adat kakurung
ku iga”, anu hartina ‘tabeat nu hese’ dipiceunna atawa dirobahna’. Kecap adat oge
ngandung hartina kabiasaan atawa kalakuan nu geus maneuh. Kecap adat jeung
kabiasaan sok dihijikeun jadi kecap kantetan adat kabiasaan, nyaeta tata polah anu
angger tur turun-tumurun ti hiji entragan ka entragan satuluyna minangka warisan anu
dalit jeung pakumbahan masarakat. Adat kabiasaan sipatna seremonial atawa upacara
nu patali jeung kapercayaan. Adat kabiasaan ilaharna jadi ciri has ti hiji daerah. Kapan
aya paribasa “Ciri sabumi cara sadesa, jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana, lain
tepak sejen igel”, anu hartina tiap daerah boga cara jeung ciri masing-masing anu beda-
beda.
Dina kahirupan masarakat Sunda, adat kabiasaan the patali jeung upacara daur hirup
(siklus hidup), ti mimiti kakandungan, lahir, rumaja, kawin, nepi ka maot. Ku kituna
dina kahirupan masarakat Sunda kapanggih aya rupa-rupa upacara adat saperti (1) Adat
nu Nyiram, (2) Adat Ngariksa nu Reuneuh, (3) Adat Ngariksa nu Ngajuru, (4) Adat
Mulasari Bali, (5) Adat Sundatan (nyepitan), (6) Adat Ngawinkeun, (7) Adat
Kapapatenan, jsb. Patali jeung Adat ngariksa nu REuneuh, aya nu disebut Upacara
Tingkeban (upacara tujuh bulan).
Tangtu rea keneh adat kabiasaan sejenna anu husus, saperti (1) Seren Taun di
Cisolok Sukabumi, (2) nyangka di pajalu Ciamis, (3) ruat bumi di Banjarsari, (4)
Suroan di Cirebon, (5) Saparan di Cirebon, (6) Rebo wekasan di Bogor, jrrd.
2. Karangan Pedaran
Karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu eusina ngajentrekeun hiji
objek, kumaha prosesna, tujuanana jeung gunana. Karangan pedaran gede manpaatna
@2020, SMAN 7 Bekasi