Page 16 - MODUL BAHASA SUNDA KLS XII
P. 16

Modul  . . . . . . (Mapel) Kelas . . . KD  . . .


                    D.   Kecap Rundayan



                        Kecap rurundayan mangrupakeun kecap anu biasana dirangken kana kecap. Di
                        handap ieu rek dijentrekeun ngenaan kecap rundayan anu dirangken di hareup
                        kecap.

                        1.  Rarangken Hareup Ba-
                            Rarangken hareup ba- mibanda fungsi:
                            a.  Pikeun ngawangun kecap pagawean
                               Contona:
                               1)   Bagilir  (ba + gilir)
                               2)  Balabuh  (ba + labuh)
                               3)  Balayar  (ba + layar)


                            b.  Pikeun ngawangun kecap kaayaan
                               Contona:
                               1)   Baluas  (ba + Luas)
                               2)  Basangkal  (ba + sangkal)
                               3)  Baheula  (ba + heula)
                                   Conto ngalarapkeun rarangken hareup dina kalimah, nyaeta.
                               1)  Kapal pasiar the geus balayar ka lautan Pasifik.
                               2)  Budak the keur bagilir nangguan bageanana maju
                               3)  Basa baheula mah hirup the meuni pikabungaheun.

                        2.  Rarangkeun Hareup Per-
                            Rarangken hareup per-mibanda fungsi:
                            a.  Ngawangun kecap barang anu hartina  “hal nu jadi”
                               Contona:
                               1)  Pertanda  (per + tanda)
                               2)  Perlambang  (per + lambang)
                               3)  Pergerakan  (per + gerak)
                            b.  Ngawangun kecap sipat nu hartina  “hal ni dibawa ti lahir”
                               Contona:
                               1)  Perbawa  (per + bawa)
                               2)  Perwatek  ( per + watek)
                                   Conto ngalarapkeun rarangken hareup dina kalimah, nyaeta.
                               1)  Lamun langit geus poek the sok jadi pertanda rek hujan
                               2)  Manuk garuda the mangrupakeun perlambang dina Pancasila
                               3)  Ari geus perwatek mah rek dibejaan kumaha ge sok hese
                        3.  Rarangken Hareup Sang-  atawa  Nyang-
                            Rarangken hareup sang- sakapeung mah sok robah jadi nyang-, fungsi
                            Ngawangunkecap anu hartina  “aya dina kaayaan”. Contona:
                            a.  Sanggir/ nyangigir (sang + gigir)
                            b.  Sanghareup/nyanghareup (sang/nyang + hareup)
                            c.  Sanghunjar/nyanghujar (sang/nyang + hujar)
                               Conto: ngalarapkeun rarangken hareup dina kalimah, nyaeta.
                            a.  Emak the keur nyanghujar di buruan imah
                            b.  Lamun sare teh ngeunahna mah rada nyanggigirkeun awak
                            c.  Ari balajar di sanghareupeun guru the sok jadi sieun
                        4.  Rarangken Hareup Ting- atawa pating-




                    @2020, SMAN 7 Bekasi
   11   12   13   14   15   16   17   18   19   20   21