Page 14 - MODUL BAHASA SUNDA KLS XII
P. 14

Modul  . . . . . . (Mapel) Kelas . . . KD  . . .






                     Ka kiwari jeung rekaan anyar nu ngahaja nyipta sorangan.
                             Tina rupa beulitan bias nuduhkeun golongan nu tangtu, saperti rupa beulitan iket
                      barambang semplak ilahar dipake jawar, kuda ngencar dipake barudak ngora,
                      parekos/poros jeung udeg dipake ku barudak leutik jeung masarakat sapopoe mun rek
                      digawe jrrd.
                            Nu matak prihatin, arang sentra batik di jawa barat nu produksi iket. Lantaran iket
                      pasaranna kurang pisan batan sampingkebat upamana. Katambah, saeutik patokoan

                      nu nyadiakeun batik, antukna masarakat nu mikabutuh iket ukur ngandelkeun
                      tatalepa. Salila ieu iket rea di produksi ku Pakalongan, Solo nu ngagunakeun tehnik
                      produksi printing, cap jeung nulis. Padahal, lam,un iket diproduksi luyu jeung potensi
                      Motif batik unggal daerah nu aya di Jabar, tur promosi jeung publikasina
                      dikokolakeun kalawan hade, tanwande bakal jadi kabeungharan local jeung daya tarik
                      wisatawan.
                          Kiwari iket ge geus robah fungsina. Nu memehna mangrupa tutup sirah nu
                     dianggapluhung ajenna, kiwari ukur dipake aksesoris (life style)  kudu diwanoh
                      jerokeunjeung nembongkeun identitas etnikna. Najan kitu, tetep kudu jadi kareureus
                      yen nyaah tur mikawanoh kabudayaan Sunda the teu kudu sacara paksa, tapi
                      dimimitian ku perkara leutik ngaliwatan nguniangkeun deui kasadar daek make iket.
                           Kiwari nu ngarora ge geus mimiti kataji kana iket, najan enya kudu diwanohkeun
                      jeung eusina teu sawates ngagulung cangkang. Salahsahiji tarekahna ngaliwatan
                      sanggar seni Sunda jeung dunya maya (website jeung blog Sunda) nu geus rea
                      ngawanohkeun iket jeung baju tradisional. Ku cara kitu, iket moal eleh ginding jeung

                      syal nu gambarna grup music Barat.


                                                                                      Dicutat tina majalah Cupumanik
                                                                     No. 91/taun VIII No.7- Pebruari 2011, kaca 31-35





                    2.  Mere tanggapan kana eusi pedaran
                          Sangkan hidep leuwih maham kana eusi artikel di luhur pek jawab pananya ieu di
                    handap!
                    1.   Naon  anu disebut iket the? Naon wae babagean iket the?
                    2.   Kumaha bedana iket nu di pake ku golongan menak jeung golongan cacah?
                    3.   Naon  iket?
                    4.   Cing sebutan naon wae motif iket the? Golongan mana jeung kumaha situasina make
                    iket the? Dipikaresep jeung diparake ku budak ngora?

                    3.  Ngarumuskeun  Adegan Pedaran
                          Lamun ku urang ditetinan, karangan pedaran “Saringset Pageuh Iket” the dina
                    diwangun ku sapuluh alinea (paragraph). Sok sanajan kitu, ari adeganana mah diwangun
                    ku tilu bagean nyaeta bubuka, eusi jeung pamungkas.

                                             Pancen  Kelompok




                    @2020, SMAN 7 Bekasi
   9   10   11   12   13   14   15   16   17   18   19